Labuna Bajo
Labuan Bajo nyaeta salah sahiji ngaran kampung di kacamatan Komodo, kabupaten Manggarai Barat, NTT Indonesia. Anu asal muasal masarakat didinya gaduh padamelan sadidinten nyaeta tani kakebon, Jeung neangan lauk di laut, ayeuna padamelanana gentos janten di bidang pariwisata. Sabab Labuan Bajo ayeuna kasohor lantaran miboga pamandangan anu endah, tur "eksotis".
Labuan Bajo mimiti rame saenggeus Pulau Komodo asup Kana salah - sahiji daftar ti tujuh kaendahan dunia anyar (New 7 Wonder of the World). Loba macem wisata anu dipikaboga ku Labuan Bajo, tangtuna jadi salah sahiji kaleuwihan anu bakal narik para wisatawan boh ti Indonesia atawa ti luar Negri. Nurutkeun Tour Consultant ATS Vacations, Andrew Steve dina Travel Talk Kompas.com anu miboga tema "Ngulik Seputar Jalan-jalan di Labuan Bajo", Salasa (7/7/2020), "Labuan Bajo dipikaresep lantaran kaendahan alam anu alami" ceuk Andrew.
Di taun 2019 wae Aya 184.208 jelema anu datang ka Labuan Bajo. Ditilik Tina kaendahan Pulauna Labuan Bajo boga Pulau Padar, Pulau Rinca, Pulau Komodo anu terkena ku Sato endemik nyaeta komodo, Jeung pulau - pulau sejena anu endah. Salinan ti kaendahan Pulauna di Labuan Bajo Oge loba pantai anu "geulis", laut anu di jamin kaendahanana bisa di pake snorkling atawa diving, Manta Point, Jeung sajabana. Kusabab eta tin taun ka taun wisata di labuan Bajo beuki rame.
" Jumaah, 18-02-21 "
Wasta : Tariska Maulida Nurmugni
Kelas : XII IPA 1
Tugas Artikel Basa Sunda
SMA Yadika Soreang

Sae pisan ❤
BalasHapus